Jumat, 29 Januari 2016

PANTUN JEUNG SISINDIRAN SUNDA

 

ka jampang mawa pakarang
ajang perang makalangan
ka akang naha salempang
akang sayang ngan ka yayang

cikaracak ninggang batu
laun laun jadi legok
aya cucuk dina batu
laun laun ngagorowok

tukang ketan make rencatan
nawisan ka urang wetan
lamun tuang di hajatan
ulah hilap kudu ngamplopan

awak kuru meuni bengeng
geus mah bengeng tambah cembelut
aya awewe keur nonggeng
singhoreng ngaluarkeun hitut

tutut lain sembarang tutut
tutut di candak ti cigombong
hitut lain sembarang hitut
hitut gede siga bagong

lamun tutut ti cigombong
sok tunda di kobong
kajeun hitut siga bagong
nu penting beuteung molongpong

kobong saha asa kajeun
di panembong blak-blakan
molompong so teh beuteung anjeun 
ari batur kakalabakan

aya kacang geus garing
meulina parapatan
da atuh lain salah uing
naha hitut make di iseupan



















PUISI SUNDA



HIRUP

oleh ; ato paskal

Hirup lir ibarat lengkah
Sing ati ati tur tarapti
nincak ulah ngan saukur lengkah
bari komo jeung dudupak rurumpak
bisi manggih beling nu pastina bakal nyugak
  
  Hirup jeung kahirupan
  lir ibarat lengkah jeung tujuan
  lengkah merenah nu ku dilampah
  tinangku barokah tujuan
  nu ku urang baris kahonta

Panggoda dunya tong dijadikeun alasan
pikeun ngalengkah salah
lantaran bala tangtuna bakal karasa

   Kamajuan dunya
   kudu dibarengan ku motekar akal
   jeung lengkah nu basajan
   lengkah merenah kahirupa barokah


ANAKING

oleh ; ato suharto

 Anaking...
regepkeun piwuruk ema hidep
sangkan hirup rahayu
jeng berkah tur bagja

Anaking..
tiru jeng gugu pasipatan ema
sabab ciri sagala wanoja natra
aya dina diri ema

Bapa bagja rumah tangga jeung ema
najan kadang sok manggih tunggara
ema tetep ngawula ka bapa
pinuh ku rasa katresna

Anaking..
hirupmah sadar jeung eling
mun hideup mamawa wejangan ema
bakal pasti salawasna eling

Anaking..
hideup geus nincak mangsa dewasa
omat ulah kagoda ku hawa dunya
nu kadang mawa cilaka

 Bapa jeung ema teu boga warisan banda pohara
teu boga tanah nu lega
komo deui emas permata

Bapak jeung ema ngan boga do'a
sangkan hideup hirup waluya
dibeungkeut ku iman jeung takwa
bekel urang ngumpul engke di surga
















 

Rabu, 20 Januari 2016

Papatah Kolot Baheula


  Urang sunda mah terkenal ku papatah2 ti kolot baheula anu sok nyentug kana hate, tapi dina jaman modern ayeuna papatah kolot baheula teh ngan saukur angin lewat hungkul, ges jarang jaman ayna mah nu sok ngamalkeun papatah baheula teh. kusabab eta sim kuring bade nyobian saalit ngamalkeun papatah2 ceuk kolot baheula anu ku sim kuring inget.

   Mugi2 bermanfaat.

- Ngeduk cikur kedah mihatur, Nyokel jahe kedah micarek. maksadna ; ( ulah nyokot barang batur (korupsi atawa maling) kudu bebeja heula kanu bogana ).

-  Sacangreud pageuh, sagolek pangkek. maksadna ; ( kudu komitmen kana jangji jeung konsisten ).

-  Ulah lunca,linci,luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina.  maksadna ; ( kudu yakin kana etika nu ges aya ).

-  Nyaur kudu di ukur, nyabda kudu di unggang. maksadna ; ( mun nyarios kudu leres jeng makna na kahartos ).

-  Kudu hade gogod hade tagog. maksadna ; ( panampilan kudu alus ameh perilaku alus ).

-  Kudu silih asah, silih asuh, jeng silih asih. maksadna ( kudu saling mere nasihat, mencintai jeng mengayomi ).

-  Pondok jodo panjang baraya. maksadna ; ( mun urang ges boga jodo tapi tetep urang saudaraan kneh ).

-  Ulah ngaliarkeun tales ateul. maksadna ; ( ulah ngomongan batur nu henteu bner atawa ulah nga gosip ).

-  Bengkung ngariung, bongok ngaronyok. maksadna ; ( kerja sama jeng solidarity, mun boga masalah selesaikan ku lobaan ).

-  Bobot pangayun timbang taraju. maksadna ; ( mun erek ngalakukeun naon wae, kudu di pertimbangkeun heula ).

-  Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang. maksadna  ; ( kudu boga tujuan nu jelas samemeh maju ka hareup ).

-  Taraje nanggeuh dulang pinande, maksudna ; ( setiap tugas kudu di lakukeun sing bener ). 

-  Ulah pagiri-giri calik pagirang-girang tampian. maksadna ; ( ulah parebut-rebut kekuasaan ).

-  Ulah nga ukur baju sasereg awak. maksadna ; ( tong ningali diri sorangan tina kaca ).

-  Ulah nyaliksik ku buuk leutik. maksadna ; ( ulah ngamanfaakn jelema letik/jelema miskin ).

-  Ulah keok memeh di pacok. maksadna ; ( tong ngelehan saacan nyobaan ).

-  Kudu bisa kabulu kabele. maksadna ; ( kamana wae kudu bisa nye sesuaikeun ).

-  Cikaracak ninggang batu laun2 jadi legok. maksadna ; ( saeutik-saeutik ke bakal aya hasilna ).

-  Neangan luang ti papada urang. maksadna ; ( di ajar neangan ti pangalaman batur ).

-  Nu lain kudu di lainkeun nu enya kudu di enyakeun. maksadna ; ( ngomong kebenaran kudu bener ulah cek batur ).

-  Kudu paheuyeuk-heyeuk lengeun paantay-antay. maksadna ; ( kudu saling kerja sama jeng tolong menolong.